Saturday, August 04, 2007

Hayang Sehat

Poe-poe ieu, geus aya kana 22 an poe, kuring keur nyoba dahar “Melilea”, eta cenah daharan organic anu sama sakali henteu kacampuran zat kimia (misalna anti hama, penyu bur atau liana), pokona mah bersih bae tina ha-hal kawas kitu.

Ari daharnya wungkul bae kawas kieu:

. minggu ka hiji : Melilea jeung buah-buahan
. minggu kadua : Melilea, buah-buahan jeung lamun hayang, dahar saparo
. minggu katilu : sarua kawas minggu kadua
. minggu ka opat : sarua kawas minggu kadua

Caritana ayeuna kuring the aya di minggu kaopat. Alhamdulillah kuat geuning awak teh ngan ukur ngadahar Melilea jeung buah-buahan wungkul, da sama sakali kana sangu mah luput! Da ayeuna kana sangu teh mani poho, tara aya cual coel. Hasilna, ayeuna berat badan molorot mani begang deui (keur mah geus begang nya), calana teh pada ngolomprot kudu di ganjel. Aya meureun kana 2 atawa 3 kilo turun, tapi enak di awak. Basa acan melilea mah rek make kaos kaki oge mani hese unggah enggeh, eungap!

Nuntaskeun kana minggu kaopat, sigana masih keneh kuat, Insya ALLAH. Keun bae, pokona mah sehat da cenah mah sakalian detox eusi beuteung…

Cag……

10 comments:

Herli Salim said...

Ang Dung, kan detox oge ngalangsingkeun salira mah tiasa oge ku puasa. Jadi usahana arahna teh akana ubudiyah. Kana ngamumule agama teu wungkul usaha fisik. Anu peryogi mah ulah sok seueur teuing emutan atanapi kasieun. Kontrol tedaeun kedah ngan ulah phobi bilih matak. Oh muhun ola raga jalan kaki oge bagus kanggo kebugaran tubuh,tapi kedah rutin.
Wilujeng ngariksa salira.
Mangga.

iwan said...

Melilea teh naon sih mang? Dimasak atanapi dikumahakeun sateacana dituang ku urang teh?
Kapungkur osok tenis,... masih keneh? ngiringan ah mun masih suka tenis.
..... tambah sehat sadaya.. alhamdulillah......

Anonymous said...

Muhun Ang, kan bari puasa oge sakantenan, ngan kari olah ragana anu teu acan dilakonan teh.

Wan,
Melilea teh semacam suplemen. Dituangna dimasukeun botol campur cai 250 cc, teras di kocok nembe diuyup.

iwan said...

Mang Dung,
Sateuacan ngalangkah ka bulan anu ku urang ditunggu-tunggu ieu, Iwan sakulawarga nyuhunkeun pangampura kana sagala kelepatan. Mugi-mugi Allah maparin sagala kalawasaan ka Iwan sakulawargi kanggo ngajalankeun bakti dina bulan anu suci ieu. Mugi-Mugi Allah maparin kasehatan kanggo mang Dudung sakulawargi, atuh kanggo Iwan sakulawargi oge. amien...

Shinkansen said...

kore wa donna kotoba kana?
boku sensen wakaranakatta.
Hontaku shite itadakimasenka.
(hehehe...sama sama nggak ngerti kan?).

Selamat menjalankan ibadah puasa, semoga iman kita akan selalu bertambah. Mohon maaf atas segala khilaf dan kesalahan.
-Sabar & keluarga -

urang kertasari said...

To all of you, selamat menjalankan ibadah shaum 1428 H. Hapunten sim kuring sim kuring sakulawargi tina sadaya kelepatan. Mugia urang sadaya lebet kana sasih shiam ieu ngabantun hate anu bersih, suci sareng pasrah.Anu pada gilirannya akan menambah oundi pahala kita di hari akhir kelak. amin....

He..he..he.., Om Jepang tambah penasaran, banyak yang nggak ngerti dia....

Wassalam,

Herli Salim said...

Wiso Ang Dung, mugia ieu mangrupikeun bewara dina raraga nganggo basa Sunda, kumaha ieu teh ko tue apdet bae. Mangga wilujeng Lebaran, neda hapunten samudaya kalepatan.
Salam
Aang sakulawargi

Herli Salim said...

Ang Dung kunaon teu update bae? Aya problem naon atanapi sibuk naon?

Wawan Darmawan said...

Punten sim kuring kumawantun, bade naroskeun dupi kertasari teh kertasri mana, sim kuring ge ti kertasari namung kertasari di Pangalengan, Bandung Selatan.

Herli Salim said...

Wan, kertasari yg ini mah di Ciamis, benten kabupaten, memang seueur nami kertasari teh nya? Tapi teu aya lepatna kenalan mah kan?