Breng tahlilan, loba pisan geuning tatangga anu datang, ti Citapen lolobana mah – kaciri marawa lampu senter, poek da di jalanna. Ari sugan teh rek ngan aya 10 atawa 20 urang, ari heg teh mani jul jol teu eureun eureun nepi ka pinuh eta masjid, tangtu dulur mah kabeh oge datang. Biasa, anduk anduk papaku teh dimimitian ku Mang Munir samemeh tahlilan. Rengse tahlilan diteruskeun kana shalat ‘Isya.
ngtungna telepon teh usai. Karunya……..
Jam 21:00 meureun karek bubar teh, mulang ka desa, ka imah Nini…….
(Lamun mang Aang baca ieu, tah aya hiji deui foto tuang rama waktu atara Asep di rapalan)
Poe ieu poe Juma’ah, 6 April 2007. Numut kana tanggalan, poe ieu teh beureum anu hartina pere. Cenah mah pere poe paskah, poe sucina umat Kristen, duka naon hartina – pokona mah pere we….
Tapi…. Eta acara teu jadi dijieun di imah Yayah, jadina teh di imah Nunung di Cilulut. Barabe cenah, da Yayahna ongkoh riweuh nguruskeun bubungkusan keur oleh-oleh anu baralik engke lamun pada bubar, mulang ka lembur masing-masing.
Saba’da Juma’ahan harita teh, Mang Ujang telepon ka imah,
“Araya di bumi?” cenah.
Anu narima teh ua Fe’i.
“Aya” saur ua teh.
“Sok amang bade kadinya, hayang ngobrol” cenah deui.
Teu lila teh, jebul bae anjeuna sumping nyalira. Ngobrol rame-rame, ua Fe’i, Mang Umuh (
“Mang, iraha Aang mulang?” ceuk kuring teh
“Tahun payun, 2008” cenah.
“Koq Aad henteu sakalian ngiring kaditu, sakola diditu?”
“Henteu. Kapan eta oge kosi kaditu, kenging 6 sasih, liburan”
“Oh….”
Pas jam kudu ka Cilulut, sarerea
“Muhun”.
Atuh Mang ujang uih, punten nya Mang… Karunya, sadidinten teh cenah di bumi bae, mangka lamun aya anu mulang teh mani sok disumpingan da hayang ngobrol. Butuh batur ngobrol tah anjeunanana teh.
Sarerea ngariung di Cilulut
Ah resep, mani rame. Dariuk teh diluar, sisi balong – malah aya anu di saung di tengah balong. Mani kawas di “little house on the praire” Nikmaaaaat teh…. Hanjakal henteu di foto, poho bakat keu resep. Harita Yayah jeung mang Rahman mah teu milu, nyaeta tadi, keur mungkusan bakal oleh-oleh cenah da Yayah teh mani bungah anu kacida pisan wirehna sarerea dulurna tiasa datang nyaksian Asep dirapalan. Anu wareg mah ngadahar dukuh, aduh eta dukuh mani loba pisan. Duka kunaon kana dukuh teh resep pisan. Ari batur mah resep teh kana kadu, kuring mah kana dukuh! Sok, apal henteu kadu?
Bubar ba’da ‘asar, langsung ka imah Nini deui di desa, kapan engke peuting aya tahlil nini sakalian muludan. Ade Heri (anak ua Fe’i) langsung mulang ka
Tahlil di imah Nini mani pinuh, biasa baca yasin jeung tahlil. Tapi harita teh poho teu nyiapkeun Yasin, tapi untungna pada hafal tuh kana Yasin, euweuh fisikna bisa nuturkeun anu apal.
Puncakna, ba’da ‘Isya, mimiti tiap “kloter” mulang. Kuring balik ka
Samemeh bubar, difoto bareng - mumpung ngumpul, tapi kurang hiji........
Mudah-mudahan acara kawas kieu teh bakal aya deui, someday – Insya ALLAH…..
Amin.
2 comments:
Ang Dudung, mani resep isan maos seratanana. Waas... ngabayangkeun ka lembur. Nuhun kana foto Pun Bapa. Mani kataringali pisan nuju aya regenerasi. Pun Bapa nuju mangkat sepuh, oge pala putra ua tos katingal pisan nuju majeng 'nyepuhan'. Hayu urang teras manfaatkeun umur urang kanggo ningkatkeun ibadah. Mungpung keur sempet keneh. La haula wala quwata... Nuhun pisan.
Salam baktos kanggo sadaya keluarga.
HS
Keluarga Herli Salim turut mengucapkan bela sungkawa atas wafatnya Kakanda H. Nawawi. Semoga almarhum diampuni semua dosanya dan keluarga yang ditinggalkan diberikan ketabahan dan kesabaran.
Post a Comment