Tuesday, April 10, 2007

Basa ka Ciamis tea.... dirapalan

Isuk-isuk, poe ieu – Kemis 5 April 2007 geus rame, parebut pamandian. Poe ieu Asep rek di rapalan, ngadahup nya ngarana teh, diresmikeun lah jadi salaki. Cenah acara dirapalannana teh kana jam salapan. Atuh mani pahibut, da jelemana loba, untung bae pamandian di imah Yayah aya tilu, tapi teu kitu oge – tetep bae ngantri. Nikmat tapi geuning ngantri rek mandi teh, dulur kabeh. Saenyana mah geus ti jam tilu harudang teh, aya anu tahajud heula ongkoh. Anu matak rame teh eta barudak leutik, ari enggeus aya keneh anu leutik pisan, anak Ade Heri, anak Elsa, anak Eneng, mani sapantar eta teh - bangsa sataunan leuwih. Resep lah…..

Rengse sarapan, siap-siap barangkat ka imahna panganten awewe, nya kana 3 kilometer meureun. Antrian teh da pake voor riyder (kitu nulisna? – duka lah teu nyaho) eta geuning di mimitian ku motor ti hareupeun rombongan, polisina kapan babaturan Mang Dudin. Mani iwer jalma anu sisi jalan teh sapanjang jalan anu diliwatan, meureun aya naon nya ?

Nepi ka tempat, parkir mani ngaderet sisi jalan, rada jeblog taneuhna teh, kan eunggeus hujan gede kamari. Rombongan baris bari mawa babawaan panganten, mani panjang geuning da jalan anu diliwatan kawas gang, leutik. Horeng teh imahnya dijieun mani dina tungtung gawir, kaluar ti dapur teh mani lewang, luhur pisan gawirna, tapi jadi alus nya – waas ningali ka handap.

Anggahota kulawarga anu nampi rombongan geus siap di tempat upacara, di hareupeun imah da, balandongan dijieun hareupeun imah, jarareblog da kamari hujan. Di tungtung wetan aya panggung. Dina panggung geus aya organ pikeun maen organ tunggal meuruen. Dahareun geus dipajang di tukang, sigana aya sangu timbel, siomay, cendol jeung sotomi. Barudak mani pating jarerit, bungah sigana mah da loba anu dagang, balon gas, aromanis jeung es cream. Sok inget jaman budak baheula ….

Lantaran korsi anu disayagikeun teu cukup, diuk teh di emperan imah batur, rame-rame jeung anu sejen. Geuning kitu ari di kampung mah, pada guyub sasama tatanggga teh, ngeunah. Jadi imah-imah anu deukeut kana imah anu boga hajat, pasti maranehna pada “welcome” lamun rek dipake ku semah teh, mana bisa lamun di kota gede mah siga kitu. Pada hare-hare bae geuning ari di kota mah, sigana mah berhubungan jeung gegek atawa carangna penduduk meurun nya. Beuki gegek jiwa satiap meter persegi, beuki hare-hare, sabalikna beuki carang, malah beuki sauyunan. Kitu Mang Aang ? Tah geuning tingali, kuring jeung Sabar, alo anu karak balik ti Jepang, eta teh hareupeun imah batur, imah deukeut anu hajatan.

Jam satengah sapuluh, protocol ngumumkeun acara akad nikah bade di mimitian, biasa, pak lebe muka acara bari naliti kabeh syarat anu kudu aya. Protokolna lucu, mani ger-geran ngadenge omongannana, saenyana mah omongan biasa tapi bari direumbeuy ku omongan soal hubungan salaki jeung pamajikan. Eta Asep, mani lancar di rapalan teh, basa ijab, ari beres mitoha sasauran, ari celengkeung teh :

“Tarima abdi nikah sareng kawinna kuring ka Yuni binti….…”

“Sah….sah…sah “ ceuk anu hadir mani rame. Lampu blitz mani pating gurileng ngabadikeun peristiwa penting ieu. Panganten mani sumringah, bungah. Para bapak jeung Ibu masing-masing panganten pada ngusap cipanon anu ngalembereh kana pipi.

Inget tah ka dulur anu jauh di luar, harita keneh ngirim sms ngabejakeun yen Asep anak ceu Yayah ayeuna kawin. Ari horeng manehannana teh cenah enggeus telepon ka Yayahna, wilujeng cenah, ngiring bingah. Teu kaburu ngobrol lila jeung Mang ujang teh, da rariweuh, ongkoh bari moto terus da resep. Ngan katingalina sehat pisan, ibi-na oge kitu. Ngan kari dua puguh oge pupuhu teh, keun muga-muga sing paranjang yuswana.

Lancar acara akad teh, anduk-anduk papalaku samemehna, ti pihak kulawarga Ciamis diwakilan ku Mang Munir. Ngaler ngidul geuning sasaurannana, mani panjang bari jeung pake bahasa Indonesia, lamun mah nya ku basa Sunda bae.. Jeprat – jepret moto the, sugan bae aya anu alus. Di barisan hareup, baraya kabeh – aya Mang Ujang, Bi Enok, Bi Neneng.

Beres di rapalan, atuh dutuluykeun kana upacara adat cenah, nincak endog dina cowet, meupeuskeun kendi anu aya cai-an, sawer bari jeung tembangna jeung anu sajabana. Rame mani parebut duit jeung es bon bon basa di sawer teh. Para juru kamera mani riweuh moto da sieun leungit peristiwa langka kawas kieu. Anu lucu mah eta protokolna, nyaritakeun maksud sawer jeung naon hartina kendi, cowet jeung endog. Maklum, kolot jaman baheula mah rea kacida siloka. Horeng teh kitu geuning caritana, mani matak ger-geran, cenah eta kabeh deukeut pisan patalina kana panganten anyar….

Breng atuh tuluy dahar mani ecrak sarerea. Aya siomay Bandung, aya sotomi, sangu jeung rencangna anu biasa, aya sangu timbel – eta sangu anu dibungkus ku daun cau anu duleumpeuh heula geuning, ah nikmat kacida. Dahar teh tangtu atuh kana sangu timbel, raos, da dahar ge henteu jauh ti tempat dahareun, sok sieun hese nambah! Heu..heu.. Desert (wah ieu ngarana dina basa sunda teh naon nya?) anu pang resepna teh ngadahar dukuh, ah mani amis jeung loba deui. Eta oge aya anu liana, aya cau, rambutan jeung sajabana.

Bari dalahar, organ tunggal mimiti disada. Aya opatan tah sinden teh, anu matak aneh mah, kunaon nya manggung di kampung kitu mani pake pakaian aneh-aneh eta sinden? Bat teuing. Eh enya, lamun aya Nunung, meureun Nunung nyanyi nya da sok didorong-dorong ku sarerea dititah nyanyi……………

Bersambung....

10 comments:

iwan said...

Mani hesenya mang macana.....
tapi pasti resep... da iwan mah nembe tiasa dongkap ka ciamis teh kaping 6

Herli Salim said...

Ang Dung sae pisan tah guwaranana. Abdi mah bati ngahuleng bae, duh teuing ku resepna. Muhun leres pisan masyarakat 'anu minoritas' sok kiat jalinan persaudaraana. Sapertos di dieu kumargi sakedik kompak, tapi upami ningali urang dieuna mah katingali pisan 'hirup pakiya-kiya' pisan. Nuhun kana laporana. Diantos sambungana, mani sono pisan. Oge hatur nuhun tos aya paparan ngeunaan pun Bapa sareng pun Biang. Mangga atuh wilueng.
Salam,
HS

urang kertasari said...

Mang Aang, di klik henteu gambarna ambeh tiasa ningali gambar anu ageungna. Sok geura, tingali tuang rama sareng tuang ibu. sehat lah...

Herli Salim said...

Mangga ke urang dicobian. Hatur nuhun tah kana perhatosanana. Mani sono kieu hoyong enggal mulang. Tapi aya keneh anu kedah direngsekeun. Nya wayahna bae.
Salam sono ti katebihan.

Shinkansen said...

Bahasa sunda itu lebih susah dari bahasa jepang.... nggak ngerti. (*smile)

Anonymous said...

He..he..he.., kan ada guru basa sunda disitu. Tetangga tidurnya suruh ngajarin........

Mana oleh-oleh beritanya ? sok bikin versi Malang!

Herli Salim said...

Sabar, ga apa-apa Anda juga buat tulisan menggunakan bahasa Jawa, spy bisa saling belajar. Bener ga Ang Dung?

Anonymous said...

Leres pisan kang...

Anonymous said...

[B]NZBsRus.com[/B]
Forget Laggin Downloads With NZB Downloads You Can Rapidly Search High Quality Movies, Games, Music, Applications & Download Them @ Blazing Speeds

[URL=http://www.nzbsrus.com][B]Newsgroup Search[/B][/URL]

Anonymous said...

Predilection casinos? wrench this green [url=http://www.realcazinoz.com]casino[/url] president and shtick evasively online casino games like slots, blackjack, roulette, baccarat and more at www.realcazinoz.com .
you can also into our tasteful [url=http://freecasinogames2010.webs.com]casino[/url] orientate at http://freecasinogames2010.webs.com and worst within easy reach law fabulously misled !
another diverse [url=http://www.ttittancasino.com]casino spiele[/url] conspire is www.ttittancasino.com , during german gamblers, pick up a screw up reveal in unconstrained online casino bonus.