Sunday, April 08, 2007

Basa ka Ciamis tea - departure..

Basa kamari 4 April 2007 mulang ka lembur, basa rek ngahadiran Yayah ngawinkeun Asep, balik teh ngaligincing bae sorangan da kulawarga the pada teu bisa, Enca ngahareupan mid test, mamahna ngawurukan enca, oq keur meumeujeuhna ujian semester. Nya eunggeus naik beus bae ka lembur teh.

Miang ti imah jam 10:00 ka Kampung Rambutan heula, maksud teh rek naek beus anu pake AC supaya heunteu cape, da lumayan jauh. Tepi ka terminal Kampung Rambutan jam 11:00, culang cileung neangan anu ka Ciamis, geuning euweuh ? Rek tatanya ka anu didinya, hoream engke sok loba kacida calo! Ditanya kunu pake baju seragam oge, cicing bae. “Kemana pak?” cenah, keun bae diantep.

Jero pikir, baca Koran ah nungguan beus teh ambeh teu pati kesel. Culang-cileung neangan anu jualan Koran, meuli dua – Kompas jeung Republika. Ari dibuka, Masya ALLAH, aya deui eta siswa IPDN (anu baheula ngarana STPDN, da diganti ngaran teh kusabab ngerakeun, aya siswana paeh gara-gara disiksa ku senorna) anu paeh deui. Ayeuna sisa urang Manado, mani budak keneh, kakara 19 taun umurna teh. Eta sakola kumaha nya, koq diantepkeun barudakna jadi kitu?

Geu hampir sa-jam nungguan beus anu ka Ciamis, euweuh bae, aya oge anu ka Tasik. Keun bae lah, naek anu ka Tasik bae, engke nyambung. Cat naek ka beus, di jero beus teh memang masih kosong, meureun aya bangsa 15 atawa 20 urang mah, da aya penumpang anus are bari rada lonjoran da bangku dua dipake sorangan. Hayang eta oge kawas kita, eh aya penumpang anu gek bae diuk sabeulah katuhu, atuh teu bias sare selonjoran.

Ari tepi the ka Tasik, meureun kana jam 17:00, horeng the terminal anyar pisan, karangan bunga ucapan selamat oge aya keneh. Saba’da sholat ‘asar, rada bingung ieu, rek ka Ciamis kana naon? Euweuh bis ka Ciamis, omprengan komo. Lamun terminal baheula mah aya, ieu tempatna dimana? Horeng ieu di daerah ..jadi masih rada jauh ke Tasik the. Keur mikiran kitu, ari breg the hujan, masya ALLAH, gede pisan! Mani gandeng eta ku sora hujan anu ragrag kana suhunan, maklum suhunannana asbes tea, lah mani teu kadenge nanaon. Atuh kumaha ieu ka Ciamis, mana hujan, poek, ieu dimana? Ahj telepon bae ka urang Ciamis ambeh di teang kadieu. Kurang leuwih maghrib, Eneng jeung salakina, Asep, datang neang. Alhamdulillah, salamet. Maghrib heula ah, kakara indit.

Bari huhujanan, tepi ka imah Yayah teh ba’da ‘Isya. Keur dalahar sarerea, mai ecrak, becek-becek oge rame. Resep lah, ngumpul oba jalma. Ngobrol ka hilir ka girang jeung baraya – mani asa reugreug, da hese atuh ngumpulan dulur sakitu jararauh! Anu can datang the kulawarga ceu Euis ti Malang, cenah geus aya di Banjar, sakeudeung deui ge meureun jol. Enya, jam 22:00 rombongan Malang datang. Atuh beuki rame da sa anak incu milu kabeh…Ah Yayah gede rejekina, sarerea dulur sakandung datang! Kakara rerep the bangsa kana jam 2:00 meureun, ma’lum atuh sono da carang panggih. Aya bae anu diomongkeun the, soal budak, incu, sakola, lah aya we lah…

Hese nyaritakeunana, kumaha ieu hate bakat ku bungah. Coba we pikir, lebaran kamari sigana Ciamis teh sepi euweuh anu balik, kudua kutilu tuda meureun, sakalian bae lah engke ari Yayah ngawinkeun. Sarerea mikir kitu, jadi we Ciamis sepi. Tapi kamari, ngadadak sarerea mulang ka Ciamis basa Nunung maot. Tos ah, ulah nyarios masalah Nunung, sedih…..

Sok, sakieu heula dongeng ka Ciamis, engke di tambahan deui terusanana, laun ceuk sinetron mah……..”bersambung”.

3 comments:

Herli Salim said...

Ang Dung tah eta kitu leres pisan. Hayu urang ngamumule basa Sunda. Cik wartosan ka dieu kumaha kaayaan kasehatan pun Bapa? Bagian tina cerita Ang Dudung oge sae.
Diantos nya.
Salam
HS

urang kertasari said...

Sabar nya, keur nyusun perjalanan tea. Ke, engke ada fragment eta geura dicarioskeun

Anonymous said...

Good for people to know.